Pages

topbella

Rabu, 02 Februari 2011

Naskah Drama Basa Sunda

Kabayan Ngala Nangka (edited by me)
Drama sunda komedi untuk 5 orang.

Nyi Iteung, pamajikanana Kabayan teh nuju hamil ngora. Manehna teh ngidam hoyong pisan Nangka, tapi si Kabayan nu dasarna kebluk, tara daek ngala Nangka. Dina hiji isuk, Iteung nyamperkeun Kabayan nu keur sasarean di bale hareupeun imah.
Iteung : (Ngagangguan Kabayan) Kang, hayu atuh pang alakeun Nangka kanggo Iteung!
Kabayan : (Melek hiji soca, langsung sare deui) Haduh, Nyai, engke weh nya, isukan. Akang teh tunduh keneh!
Iteung : (Ngambek) Huh, si Akang mah teu sayang ka Iteung!
Kabayan : (Ngorok)
Saking keheulna, Nyi Iteung angkat ka bumi emakna Kabayan. Sanepina di bumi emakna Kabayan.
Iteung : (Lumpat sabari ceurik langsung nangkeup emak) Emaaakkkkk....
Emak Kabayan : (Reuwas) Eleuh-eleuh, aya naon ieu, Nyai?
Iteung : Eta, Ma! Si Kabayan! Kuring teh ngidam, hoyong pisan Nangka, tapina manehna tara daek pangalakeun!
Emak Kabayan : Geus tong ceurik atuh! Keun weh, Emak nu ngomong ka si Kabayan!
Emak sareng Iteung balik ka imah Kabayan. Sanepina di imah Kabayan, Emak sareng Iteung ningali Kabayan nu sare keneh dina bale.
Emak Kabayan : Heh! Kabayan, kebluk! Hudang sia!
Kabayan : Naon sih mak? Isuk-isuk geus adat-adatan!
Emak Kabayan : Maneh teh kumaha sih! Geus nyaho si Iteung keur hamil, ngidam Nangka! Lain mah diturutkeun kahayangna! Malah gogoleran teu puguh!
Kabayan : Heueuh mak, sakedeung deui dipangalakeun!
Emak Kabayan : Buru! Ayeuna geura mangkat neangan Nangka! Nu kolot nya, Nangkana!
Kabayan : (Hudang) Heueuh! Kuring mangkat ayeuna lah!
Kabayan mangkat neangan Nangka. Tapi Kabayan teu terang, tangkal Nangka nu keur buahan teh dimana. Sapanjang jalan, manehna luak-lieuk neangan Nangka. Akhirna manehna manggih hiji tangkal Nangka nu buahna leubeut.
Kabayan : Hahhh! Akhirna kuring manggihan Nangka! Karolot deui Nangkana!
Kabayan langsung naek ka tangkal Nangka nyokot hiji Nangka nu pang kolotna. Teu lila anu boga kebon datang. Kabayan langsung turun ti tangkal Nangka.
Kabayan : Haduh kumaha ieu! Nyi Ndit datang! Mana kacida galakna deui!
Kabayan lumpat ka ragasi nu aya di tukangeun kebon. Kabayan malidkeun eta Nangka.
Kabayan : Nangka, jung balik tiheula nya! Kuring rek kabur heula!
Nangka teh kabawa palid ku cai, teu lila, nu boga kebon datang.
Nyi Ndit : Heh! Sia keur naon di kebon aing! Maneh rek maling?
Kabayan : Henteu Nyai.
Nyi Ndit : Ah sia! Alesan wae! Ngaku weh ari rek nyopet mah!
Kabayan : Bener Nyai, teu bohong!
Nyi Ndit : Demi naon sia, Kabayan?
Kabayan : Demi Nyi Iteung, Nyai!
Nyi Ndit : Alah, sia! Nyopet mamawa ngaran pamajikan! Hayu milu jeung urang! Urang ka imah Pa RT!
Kabayan : Duh, nyai! Ulah atuh! Bener abdi teh teu nyopet! Sok mana barang buktina!
Nyi Ndit : (Mariksa Kabayan) Heueuh geuning, euweuh! Jung geura mangkat, sia! Ulah kadieu deui!
Kabayan : (Lumpat) Dadah, Nyai!!
Kabayan balik ka imahna. Dipapag ku Emak jeung Iteung.
Iteung : Euleuh, akang! Tos dongkap?
Emak Kabayan : Meunang teu Nangka teh?
Kabayan : Meunang atuh, mak! Kolot jeung gede deuih!
Iteung : Mana atuh Nangkana, Kang?
Kabayan : Hoh? Can nepi eta Nangka?
Emak Kabayan : Hah? Nepi kumaha, Kabayan?
Kabayan : Si Nangka teh dipalidkeun, dititah balik tiheula ku kuring! Geuningan can nepi? Apan eta Nangka teh tos kolot, piraku teu nyaho jalan balik!
Iteung : Heueuh nya, Kang! Eta Nangka teh geuning teu nyaho jalan balik!
Emak Kabayan : Ari sia! Ku belet-belet teuing, Kabayan! Maenya Nangka bisa balik sorangan! Teu hideng!
Kabayan : Yeuh, si Nangka nu teu hideng mah, Mak!
Emak Kabayan : Hah, ngimpi naon, kuring teh boga anak belet kos sia!
Emak langsung mangkat. Kabayan sareng Iteung, ngantosan eta Nangka di sisi ragasi, tapi Nangkana teu datang-datang.

2 comments:

lala mengatakan...

ka panjang ath caritana kagok samah

Aem mengatakan...

Haturnuhun pisan, alhamdulillah tugas simkuring tiasa kabantu jalaran blog ieu :D

Posting Komentar

Rabu, 02 Februari 2011

Naskah Drama Basa Sunda

Diposting oleh Mutia Yulita Amarilis di 00.07

2 komentar on "Naskah Drama Basa Sunda"

lala mengatakan...

ka panjang ath caritana kagok samah

Aem mengatakan...

Haturnuhun pisan, alhamdulillah tugas simkuring tiasa kabantu jalaran blog ieu :D

Posting Komentar

About Me

Foto saya
Karawang, Jawa Barat, Indonesia
hi,,,, I'm Mutia Yulita Amarilis My hobby is writting Now i'm school in SMAN 1 Karawang,,
 
Mutia Yulita© DiseƱado por: Compartidisimo